Text
Jodo Pakokolot
Lalakon Raden Suria SUngkawa sareng Enden Ratna wulan anu didongengkeun ku Memed Satrahadiprawira (1897-1932) dina jodo pakokolot teh. Duanana kungsi pakait pikir, patukeur kacintaan. Kari-kari, Enden Ratna Dititahkeun ka nu sanes. Atuh teu wudu den suria kacida baluwengna, liwung linglung raos nu kasarung. Tina sakitu liwungna, datang ka percaya kana tahayul anu antukna ngagebruskeun den suria kana jurang kahinaan, ngaringkuk di pangberokan. Sakaluarna ti pangberokan, den suria nyingkahan wiwirang, lolos ti bali geusanna ngajadi. Anjeunna nyingkur di lembur, nyamur jadi tukang mikat manuk titiran katelah Ki sura. Kersaning nu Kawasa, carogena enden ratna tilar dunya, nya ti harita enden ratna nyingkur di lembur deuih. Demi nyingkurna teh sareng putrana anu alit keneh. Encep, nyaeta putrana enden ratna tea, resep kana manuk, wawanohan jeung Ki sura, nyoba dalit pisan. Nya encep anu sasatna jadi margi lantaran tepangna deui enden ratna sareng den suria teh, anu saterasna mah sae diaos bae lalakonna. Lalakon pangliput, minangka raehan tina II Decameron, salah sahiji karya utama abad pertengahan, yasana Giovanni Boccaccio anu kawentar. Ku tiasa Memed nyundakeunana, mindahkeun kasang ti eropah ka lembur urang, nepi ka karasana merenah, luyu jeung acining batin balarea sunda.
EXI0011 | 499.222386 SAS j | Tersedia |
Tidak tersedia versi lain